PIDATO
PERPISAHAN KANGGO MURID
Assalamualaikum wr. Wb
Asshaduallailahaillalah
waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga
urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana
dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep
dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka
kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat
kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring
dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo
nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.
Henteu karaos parantos genep taun urang
aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti
sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun
laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi
sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka
urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo
nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru
kenging walesan ti Allah SWT. Amin.
Sakitu ti abdi anu ngawakilan
rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik
abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik
walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb
PIDATO
PERPISAHAN KANGGO GURU
Assalamualaikum
wr. Wb
Asshaduallailahaillalah waashaduanna
muhamadar rosulullah. Ama badu
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah
kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya
hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong,
asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok
jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay
tineung marurangkalih kelas VI ieu.
Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu
aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu
baheula, tatali paranti warisan ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di
teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja
malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak
nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola,
nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik,
diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6
taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung
sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya
mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo
keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.
Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda
sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala
putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh
boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung
sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul
atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna. Kalayan
alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama,
parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di
sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku
kituna sim kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada
putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.
Para Ibu Bapak sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana
Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri
Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna
satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan,
bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.
Para Ibu Bapak sadaya kanggo salajengna ieu mah khusus
kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba
mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah
pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah,
kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih,
balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu
disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman
katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah.
Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng
lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai
hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata,
hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka
Nusa, Bangsa sareng Nagara.
Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja
neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar,
supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal
ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga
salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga,
ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.
Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa
anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping
27 Juni 2013 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan,
sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui.
pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang.
Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu
Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala
putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.
Kumargi
kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu
janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema
tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun
kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng
sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan
sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih
tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede
dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb